:

Kidung Agung 7

1

\it Nonoman:\it* Duh ku agung, enung teh terah linuhung. Sampean mutuh ku sieup tur payus nganggo selop. Bitis lir jaksi sajantung, lir beunang masieup seniman.

2

Udel lir cacangkir cekong moal bahe anggur nu jadi eusina. Lambut lir tumpukan gandum diriung ku kembang bakung.

3

Pinareup siga uncal sakembaran, siga uncal bikang papasangan.

4

Tenggek lir munara gading, soca lir empang di kota Hesbon deukeut gapura eta kota gede. Pangambung lir munara Libanon anu nanjeur neuteup ka Damsik.

5

Mastaka dangah lir Gunung Karmel, rambut ririakan, cahayaan, lemes lir sutra, kaendahanana sanggup ngunduh jajantung raja.

6

Ku manis enung, ku geulis! Sugri pangemat cinta, di enung nyampak sadia.

7

Salira lampanyat lir tangkal korma, pinareup lir ranggeuyan buahna.

8

Eta korma engke arek ditaekan arek diunduh buahna. Pinareup enung lir rantuyan buah anggur. Seungit napas enung, seger lir serengna jeruk.

9

Baham enung saibarat cianggur petingan. \it Wanoja:\it* Saupama kitu, eta anggur baris ngocor ka panutan baris nyegeran lambeyna baris maseuhan waosna.

10

Da kuring anu anjeunna, nu teu kendat mikatineung.

11

Mangga panutan, urang iang ka padesan, urang ngendong di tegalan,

12

ngarah enjing-enjing pisan bisa ningalian pelak anggur, parantos marentik atawa tacan, kembangna parantos beukah atawa tacan. Kitu deui dalima, parantos pentilan atawa tacan. Tah di dinya, abdi sumeja ngalayanan kacinta engkang.

13

Engke ku engkang kaangseu seungitna tangkal arak katut bubuahan nu raraos, parantos aya caket panto, nu anyar sareng nu parantos lami, kenging abdi nyimpen haturan engkang, jungjunan!

Link: